Kadedeuh Bapa keur Hidep
Tilu taun hidep di sakola teu karasa waktos nyerelek sakitu gancangna
asa karek kamari urang teh paamprok, hidep masih keneh budak leutik anu karek lulus ti SD
hudang kudu di pang geuingkeun, dahar kudu dihuapan, solat kudu di titah,
hidep ngageuik ceurik lantaran can bisa jauh ti nu jadi kolot,
Gening ayeuna mah hidep teh geus tumbuh dewasa geus embung di telepon ku kolot komo mun dilongok ah nu penting mah dikiriman we jang jajanna.
kamari teh hidep asa pendek keneh ayeuna mah gening geus jangkung,
kamari mah hare-hare ka awewe ayeuna mah gening geus aya rasa suka.
Nincak kana mangsana urang teh kudu papisah
di embung-embung oge gening geus waktuna,
padahal asa karek kamari urang teh paamprok,
urang papisah dina kaayaan anu te biasa hidep ninggalkeun sakola padahal acan waktuna,
Saminggu dua minggu ku bapa di tutungguan, sabulan dua bulan hidep teu datang-datang
sono kacida sonona.
Teu aya deui sora nu ngaji unggal isuk,
nu lulumpatan unggal sore, nu ngariung di masjid unggal magrib,
kaayaan di sakola geus te biasa
Jung hidep geura nyiar elmu dimana wae kamana wae
da sakolamah kabeh ge sarua
rek sakola pavorit rek sakola biasa tergantung hidepna,
lamun hidep sungguh-sungguh nya meren bakal aya nu napak.
kudu hati-hati dina ngalampah lantaran godaan jeung cobaan teh nyata ayana.
Hidep kudu inget kana puwadaksi
Kudu hormat ka nu jadi guru,
Omat ulah nepi ka hidep nyebut urut guru mantan guru najan eta lain guru hidep deui
hade goreng eta guru hidep.
Hidep bisa diajar dina kahadean, hidep oge bisa diajar tina kagorengan.
Cokot nu hadean piceun nu gorengna, guru hidep oge sarua loba salahna
Jung kubapa di doakeun Sing manggih ka bagjaan sing manggih kasuksesan
sing salamet dunya aherat
wassalamualaikum. Wr.Wb

Post a Comment for "Kadedeuh Bapa keur Hidep"